Rangkuman sunda kelas 11 materi biantara

 A. Biantara

Nyaeta nyarita dipayuneun bararea atanapi pidato. Biantara dina basa Indonesia disebutna pidato. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Biantara resmi biasana nasakahna disusun sacara tinulis jeung dibacakeun, tapi aya oge biantara resmi anu ditepikeun henteu bari dibaca. Sedengkeun dina biantara teu resmi biasana ditepikeun henteu bari dibaca. Dina biantara resmi komunikasina ngan saarah, anu ngabandungan ngarespon biantara ku ngan saukur ku unggeuk jeung keprok. Sedengkeun dina biantara teu resmi, anu ngabandungan biantara bisa ngarespon ku unggeuk, keprok, seuri, mere komentar. Jadi, kadang-kadang dina biantara teu resmi bisa kajadian aya komunikasi dua arah.



Metode biantara nyaeta cara midangkeun hiji biantara. Biantara nyaeta nyrita atawa nepikeun kedalan di hareupeun jalma rea anu caritaanana disusun sacara rapih tur merenah. Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. 



Aya opat metode biantara, nyaeta nu disebut metode impromtu, metode ngapalkeun, metode naskah, jeung metode ekstemporan. Di handap ieu dijentrekeun naon maksud unggal metode biantara nu disebutkeun:

1. Metode Nalar atawa ngadadak nyaeta metode biantara nu midangkeunana teh ngadadak atawa henteu tatahar heula ngan ngandelkeun pangaweruk atawa pangarti nu dipiboga ku dirina.

2. Metode Langsung nyaeta metode biantara nu nepikeunana teh nyaeta ku ditulis heula naon nu rek diomongkeun atawa ditepikeun, terus diapalkeun per kecapna. Kusabab kitu, metode biantara ku ngapalkeun mah sok rada kaku, sabab nu nepikeun eta biantara kudu nginget nginget naon nu rek diomongkeun. 

3. Metode Maca Naskah nyaeta metode biantara nu nepikeunana ku cara maca naskah. Biasna nu ngaregepkeun ieu biantara henteu pati mikaresep kana eta metode biantara sabab biasana nu nepikeun eta biantara sok sering tungkul maca naskah biantara. Biasana metode ieu digunakeun dina acara acara resmi. 

4. Metode Catetan Inti nyaeta metode biantara nu nepikeunana teu ngagunakeun naskah, tapi biasana disusun catetan gurat badag nu rek di tepikeun. Gurat badag naon nu rek diomongkeun dicatet sacara taliti. Kalimah atawa kecap nu ditepikeun bebas tapi tetep dumasar kana gurat badag nu aya dina catetan. 



Struktur basa Sundan nyaéta pambuka atanapi bukaan, eusi atanapi kontén, diskusi andindex atanapi kacindekan. Biantara mangrupikeun istilah dina basa Sunda anu hartosna sami sareng pidato dina basa Indonésia. Biantara diomongkeun di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal, anu sacara monologis sacara alami, nyarios dina hiji arah kalayan téks anu santai.


Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Komunikasi nu aya dina biantara nyaeta saarah atawa monologis. Biantara direspon ku anu ngaregepkeun ngan saukur ku unggek, godeg, keprok, seuri. Di handap ieu penjelasan ngeunaan struktur biantara sacara rinci:

1. Salam bubuka, nyaeta saperti "Assalamualaikum Wr Wb."

2. Pangbagea, nyaeta saperti "Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, rerencangan anu ku simkuring dipikacinta..." jeung saterusna

3. Bubuka, nyaeta saperti "Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka Gusti Allah SWT. Shalawat sareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW. Langkung ti payun dina waktos anu sae ieu simkuring peryogi ngauningakeun wirehna simkuring kapapancenan tugas kanggo ngadugikeun biantara Pentingna Kaberesihan..." jeung saterusna. 

4. Eusi, nyaeta saperti "Sapertos anu ku urang sadayana kauninga, kaberesihan teh kacida pentingna..." jeung saterusna  

5. Panutup, nyaeta saperti "Rupina sakitu cariosan ti simkuring..." jeung saterusna

6. Salam panutup nyaeta saperti "Wassalamualaikum Wr Wb. "




Padika nyusun biantara : 

1. Jeujeurna aktual

2. Rangkaiana weweg

3. Mundel eusina

4. Bahasana

Aya ogé Lian ti unsur-unsur anu disebutkeun di luhur, di handap ieu nyaeta lengkah-lengkah anu bisa dilakukeun dina nepikeun hiji biantara :

1. Usahakeun supaya urang bisa milih topik anu matak kataji hadirin, topik anu urang apal, jeung topik anu urang resep.

2. Susun teks atawa kecap-kecapna, terus diapalkeun.

3. Terapkeun prinsip TAMAN, nyaeta Tatag nyaritana, Aktual temana, Munel eusina, Alus basana, Jeung Ngandung wirahma.

4. Usahakeun biantara anu ditepikeun teh ulah panjang teuing.





Kedah diemut nuju biantara :

1. Sora / Artikulasi

Artikulasi nyaéta téhnik ngahasilkeun sora anu hadé sareng ngucapkeunana sacara jelas, banter, sareng halimpu. Numutkeun kana Kamus Besar Indonésia (KBBI), artikulasi nyaéta ngucapkeunkeun atanapi ngucapkeun kecap, parobahan dina rohangan sareng rohangan anu lumangsung dina saluran sora pikeun ngahasilkeun sora basa.

2. Lentong / Intonasi

Nyaéta luhur sareng rendah nada dina kalimat anu méré tekenan dina kecap-kecap anu tangtu dina hiji kalimat. 

3. Wirahma

Wirahma teh nyaeta irama atawa teh turun-naekna, panjang-pondokna nada.

4. Nada

Nada nyaeta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana.

5. Pasemon / Ekspresi

Pasemon nyeta roman pameunteu atawa roman raray. dalam bahasa indonesia disebyt raut wajah atau mimik muka.

6. Gestur

Gestur mangrupikeun bentuk komunikasi non-verbal sareng tindakan ragana anu sigana pikeun pesen anu tangtu, boh salaku gaganti pidato atanapi paralel sareng kecap.


Komentar

Posting Komentar

Postingan Populer