Rangkuman Materi Carpon dan Fikmin Bahasa Sunda Kelas 11



CARPON


📙Carpon teh singgetan tina carita pondok.

📙Istilah carpon dina sastra sunda, sarua hartina jeung short story dina sastra Inggris atawa cerpen (cerita pendek) dina sastra Indonesia.

📙Carpon teh karya sastra any direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok

📙Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000 - 7.000 karakter, mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca

📙Memang aya dua rupa carpon , nyacta carpon anu pondok (short short story) aya carpon anu panjang (long short story).

📙Ku lantaran pondok tea , atuh dina carita carpon mah jalan carita atawa galurna oge ilaharna mung sajalur , tara rea - rea tur teu pajurawet kawas novel.

📙Kitu deui latar atawa seting - na, estu digambarkeun sacutik pisan, tara papanjangan.

📙Eusina biasana teu leupas tina ajen atikan jeung moral atawa karakter pikeun pieunteungeun atawa tuladeun nu maca.

📙Ku lantaran kitu , najan carpon teh sifatna fiksi (fiktif) tapi tetep jalan caritana kudu nyindekel kana kahirupan sapopoe anu kaharti ku akal, henteu pamohalan saperti dongeng.


📙Ku kituna , bisa dicindekeun yen carpon teh mibanda sawatara ciri, di antarana wae:

📍Wangun karanganana pondok.

📍Sifat caritana naratif jeung fiktif.

📍Eusina kaharti ku akal atawa realistis.

📍Biasana nyaritakeun hiji kajadian , henteu kompleks saperti carita dina novel.

📍Jumlah tokohna kawatesanan , henteu rea kawas dina novel.

📍Eusi caritana numuwuhkeun sikep anu positif ka nu maca ku cara leubeut atawa mundel ku ajen atikan , moral , jeung karakter pikeun pieunteungan atawa tuladeun nu maca.

📙Dina umumna , unsur carpon teh ngawengku :
✏Tema
✏Tokoh jeung watekna
✏Galur
✏Latar
✏Amanat
📌Tema
Tema , nyaeta hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana. Hartina ditepikeun ku pangarang keur nu maca.

📌Palaku naon naon anu
Palaku nyaeta tokoh anu ngalalakon atawa anu dilalakonkeun dina carita, Dina carpon, umumna palakuna teh manusa biasa , beda jeung dina dongeng, carita pantun , atawa wawacan, palakuna teh mahluk go'ib, sabangsaning jin , jeung sasatoan nu bisa ngomong. Tokoh – tokoh dina carpon umumna mibanda watek atawa karakter sakumaha kahirupan manusa biasa , aya nu sabar barangasan babarian , bageur, jujur, tukang linyok bohong, jste.

📌Latar
Latar atanapi setting nyaeta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita. Latar tempat umumna bisa di kota , desa , atawa di sakola. Ari latar waktu , biasa dicirian ku jam , tanggal, taun , beurang , atawa peuting.

📌Galur
Galur atanapi plot, nyaeta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita. Galur dina carpon aya anu marele (maju) mundur (flashback). jeung aya oge anu mobok tengah.

📌Amanat
Amanat , nyaeta gagasan anu ngadadasaran kana carpon ; pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana. Amanat biasana mah nuduhkeun ajaran moral atawa etika hade goreng anu bisa ditarima ku balarea , pangpangna perkara kalakuan , sikep , pikiran , ideologi , ahlak kasusilaan , jeung tatakrama paripolah manusa dina umumna.



FIKMIN

📘Carpon loba anu dimuat dina webblog atawa website. Urang ge bisa maca sacara online deuih. Karya sastra anu dimuat dina internet disebutna cybersastra.

📘Beuki dieu , lain wae dina webblog atawa website, loba pangarang anu ngumumkeun karyana dina media sosial, saperti facebook.

📘Dina kamekaran cyber sastra Sunda , kiwari aya nu disebut Fiksimini Basa Sunda (FBS) atawa sok disebut fikmin.

📘Fikmin teh karangan anu panjangna diwatesanan. Minimal 50 kecap, maksimal 150 kecap. Hartina leuwih pondok batan carpon.

📘Ari pangarang anu sok nulis fikmin disebutna fikminer.

📘Sanajan sarua pondokna , fikmin beda jeung carpon. Fikmin mah * mun ditulis antara 50 - 150 kecap, sedengkeun carpon mah bisa leuwih panjang deui.

📘Tapi mun nilik eusina , fikmim eusina , fikmin jeung carpon teh * mibanda adegan anu sarua , nyaeta konsepsi anu kudu nyumponan karya sastra wangun prosa , kayaning kudu aya jejer, tokoh , alur latar, jeung amanat.

📘Fikmin lahir ku ayana fesbuk (facebook). Malah aya grupna sagala , nyaeta Grup Fesbuk "Fiksimini Basa Sunda”. Ieu grup mimiti dijieun tanggal 16 September 2011, ditaratas ku Nasearudin Aehar (wartawan jeung sastrawan Sunda). Anggotana geus rebuan, ti mimiti akademisi , ustad , mahasiswa , guru , siswa , dosen , buruh, wartawan , nepi ka masarakat biasa. Sok disarebut lapak fikmin atawa lapak FBS ku anggotana teh.
📘Nu tadina ukur dina fesbuk, kiwari fikmin ge aya nu dimuat dina koran jeung majalah. Malah fikmin ge geus aya anu dibukukeun,;boh karya mandiri boh karya babarengan.

Buku antologi fikmin karya mandiri, di antarana :

1) Lalakon Awon (Studio Titik Dua , 2001) karya Godi Suwarna.
2) Noel Bulan ku Asiwung (Green Smart Publishing, 2012) jeung Kalakay (Pustaka Jaya, 2013) karangan Deni Riaddy.
3) Dayeuh Kasareupnakeun (2015) karya Nazarudin Azhar.
4) Hompimpah (2016) karya Hadi AKS.

Anapon buku antologi fikmin karya babarengan nyaeta Serat Sapamidangan : Antologi Fiksimini Basa Sunda (Disparbud Jabar, 2016) , eusina aya 100 fikmin karya 100 pangarang. Tina 100 pangarang teh aya pangarang anu geus sohor , kayaning :

1) Godi Suwarna
2) Tatang Sumarsono
3) Hadi AKS
4) Usep Romli HM
5) Dadan Sutisna
6) Darpan
7) Naearudin Aehar
8) Imas Rohilah

KALIMAH AKTIF JEUNG KALIMAH PASIF

📕Ciri nu utama keur ngabedakeun kalimah aktif atawa pasif , bisa dititenan tina kecap anu dipake.

📕Biasana dina kalimah aktif sok dicirian ku kecap nu dirarangkenan hareup N-(asal) saperti maca , meuli , nulis , atawa N- keun saperti nyakolakeun , jste.

📕Sabalikna, kalimah pasif mah sok dicirian ku kecap anu dirarangkenan hareup di -. Contona wae : dipacok , dibere dipangmeulikeun , jste.

📕Lamun kalimah aktif dirobah jadi kalimah pasif , ilaharna :

1) Jejer dina kalimah aktif bakal robah jadi Udagan dina kalimah pasif.
2 Udagan dina kalimah aktif bakal robah jadi Jejer dina kalimah pasif.
3) Kecap pagawean caritaan nu ngabogaan rarangken N- atawa N- keun dina kalimah aktif, robah jadi kecap pagawean nu ngabogaan rarangken di- atawa di - keun Kitu deui , sabalikna lamun kalimah pasif dirobah jadi kalimah aktif.

Komentar

Postingan Populer