Rangkuman Panumbu Catur

PANUMBU CATUR

A. PERKARA PANUMBU CATUR

Panumbu catur atawa moderator téh sakapeung disaruakeun jeung panata acara atawa MC (mater of ceremony). Panumbu catur jeung MC téh aya bedana. Panumbu catur nyaeta anu nyepeng kadall (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sesi) kagiatan Ari panata acara mah nyepeng kadali sakabeh kagiatan Moderator téh pancéna jalma anu minangka panengah (hakim atawa wasit) dina hiji kagiatan, boh sawala/rapat boh diskusi dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral, ojektif atawa teu mihak kana salah sahiji pihak Upama aya konflik di tengah-tengah lumangsungnana acara, panumbu catur kudu bisa jadi panengah

B. LENGKAH-LENGKAH DINA PANUMBU CATUR

1. Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/tema acara, tuluy nyusun kalimah panganteur
samemeh mere kasempetan ka pangieler
2 Mikanyaho kaayaan jeung kasang tukang pamiarsa (audiens) pikeun milihan diksi atawa kekecapan anu merenah
3 Mikanyaho kalungguhan pangjejer atawa narasumber
4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun nara sumber, lilana waktu pikeun tanya jawab, jeung jumläh jirangan tanya jawab.
5. Nataharkeun catetan singget pikeun ngingetan waktu nu disadiakeun ka narasumber
6. Nytapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting nu ditepikeun ku narasumber,
7 Nyiapkeun raksukan atawa dangdanan anu merenah luyu jueng tema acara
8. Nyiapkeun alot panuduh waktu

C. PERKARA ANU KUDU DIPILAPAH KU MODERATOR

1. Datang leuwih ti heula ti batan pamilon 
2. Pariksa sound system (mikrofon), kasiapan slide presentasi materi.

3. Ngawanohkeun diri ka para narasumber samemehna

4 Nyiapkeun biodata atawa CV (curriculum vitae) urang anu bakal dibacakeun ku panata acara samemeh urang prak ngamoderatoran

5. Maca heul abiodata unggal pangjejer sarta pastikeun urang bisa maca kalawan bener eusi

biodata

D. MAHAM PANCEN PANUMBU CATUR

1. BUBUKA

Tugas mimiti panumbu catur téh nyaéta muka lumangsungna presentasi, diskusi, seminar,lokakarya atawa debat eusina basana ngucapkeun salam, ngedalkeun rasa sukur jeung panuhun pikeun kasempetan jadi panumbu catur. 
2. PANGWILUJEUNG KA PAMILON

Pikeun nembongkeun resa soméah jeung pikaresepeun, hadena upama ngawilujeungkeun sumping ka para pamilon anu geus aya dirohangan.

3. PEDARAN SINGGET KASANG TUKANG JEUNG TUJUAN PRESENTASI

Usahakeun sangkan pamilon ngarasa katarik kana matéri anu dipedar ku pangejer. 

4. WANOHKEUN PANGJEJER JEUNG TOPIK PRESENTASINA 

Dina waktu ngawanohkeun pangjejer diusahakeun sangkan parmiarsa ngaraa yakin kana kualitas jeung kamampuh pangjejerna. 

5. NANGTUKEUN WAKTU JEUNG ATURAN DISKUKSI

Waktu anu diatur téh ngawengku waktu pedaran jeung jeung dina jirangan tanyä jawab.

6. MERE WAKTU KA PANGJEJER PIKEUN MEDAR MATERI

Dina leu bagian, pangjejer dibéré lorongkrang waktu anu geus ditangtukeun saméméhna. 

7 NGARANGKUM EUSI PEDARAN

nuliskeun poko utawa anu dipedar teu kudu panjang teuing tapi intina bae 

8. NGAHATURAN PAMILON PIKEUN NANYA

biasana sési diskusi dibagi jadi sababaraha jirangan unggal jirangan diberé kasempetan pikeun tilu urang pananya

9. PANUHUN KA PANGJEJER JEUNG KA PAMIARSA

Tepikeun kalawan iklas jeung someah, dibarengan ku imut jeung pasemon anu hégar.

10. MUNGKAS ACARA

Pungkas acara ku rasa sukur. hadé upama ngagunakeun ungkara anu matak ngahudang sumanget.

Komentar

Postingan Populer