Rangkuman atau ringkasan bahasa sunda materi biantara

 


BIANTARA

A. Perkara Biantara

Biantara téh nyarita di hareupeun balaréa, kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun.


Anu kaasup biantara teu resmi contona biantara ulang taun, riungan lembur, acara hiburan, jeung sabangsana. Ari anu kaasup biantara resmi contona biantara dina sidang, rapat, upcara agustusan, jeung acara resmi séjénna.


B. Métode atawa tehnik biantara anu kudu dipikanyaho diantarana,


1. Métode nalar atawa metode ngapalkeun, nyaéta biantara anu ditalar luyu jeung téks nu geus disusun saméméhna.


2. Métode maca naskah, nyaéta biantara anu ngagunakeun téks dina


prakna, biantara téh maca sakur nu aya dina téks


3. Métode catetan inti biantara (ékstémporan), nyaéta biantara kalawan mawa catetan hal-hal anu penting nu rék ditepikeun.


4. Métode langsung (impromtu), nyaéta biantara langsung tanpa nyiapkeun téks.


C. Struktuk teks Biantara


Biantara téh boga struktur nu geus ilahar, nyaéta diwangun ku bagian bubuka, eusi jeung panutup.


1. Bagian bubuka ngawengku salam bubuka, mukadimah (husus pikeun muslim), salam panghormat ka hadirin, jeung ngahaturkeun nuhun ka panata acara nu geus méré kasempetan


2. Bagian eusi mah ngadadarkeun maksud atawa tujuan biantara, jeung nepikeun eusi biantara.


3. Bagian panutup biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi réa kekecapan anu salah atawa teu merenah salila cacaritaan.


D. MAHAM PADIKA NYUSUN BIANTARA


leu di handap padika atawa léngkah-léngkah nyusun teks biantara:


1. Jejerna aktual


Jejer atawa téma biantara téh kudu aktual, luyu jeung situasi sarta kondisi, nu kiwari keur rame dipadungdengkeun. 


2. Rangkayna weweg


Nyieun rangaky dumasar kana bubuka, eusi jeung panutup. Tong poho gunakeun ejaan basa sunda nu bener


3. Eusina mundel


Eusi biantara kudu réa mangpaat jeung pulunganeunana


4. Basana hadé


Basa nu digunakeun kudu beunghar jeung euyeub nku mamanis basa. 


E. NEPIKEUN BIANTARA


Sangkan nepikeun biantara hadé jeung tartib, aya sawatara hal anu


kudu diperhatikeun, nyaéta


1. Sora (artikulasi)


Sora kudu bedas jeung tatag. Bentes ngalisankeun kekecapan jeung


teu loba ngarandeg dina nyarita


2. Lentong intonasi)


Lentong kudu merenah, ulah nepikeun biantara basa sunda ku lentong basa indonesia


3. Wirahma


Patali jeung anca-gancangna atawa tarik halona dina nyarita. 


4. Nada


Patalina jeung rasa eusi biantara. Upama pikabungaheun kudu dikedalkeun ku nada bungah, upama pikasediheun kudu dikedalkeun ku nada sedih


5. Pasemon (ekspresi/mimik)


Pasemon atawa paroman patalina jeung nada nu dikedalkeun, luyu jeung eusi biantara


6. Pasang peta (gestur)



Komentar

Postingan Populer